Awi jadi deui pangjaga,
tukang juru leueut gusti,
pok deui Majlab haturan,
ari kakang // pun kitu deui, 57
ngimpi nyuhun roti,
tilu keureut dina hulu,
ti dinya téh datang gagak,
carodcok macokan roti,
tilu keureut wani béak pisan.Radén Yusup lajeng ngandika,
Majlab tilu poé deui,
mané¢h disaur ku raja,
diputus tuluy dipeuncit,
dipelakeun sakali,
hulu manéh dialun-alun dipanjara di tengah jalan,
datang kaburu meleding,
datang gagak macokan sirah andika.Negagidir Majlab ngomongna,
adi kakang hanteu ngimpi,
enyana mah arék nyoba,
kakang adi Ibrani,
teguhkeun ahli tabir,
ayeuna mah geuning salut,
puguh gé kakang ngabobodo hanteu ngimpi,
ditabirkeun samarukna mo kan enya.Radén Yusup lajeng ngandika,
sanajan kakang teu ngimpi,
ngabobodo ka kula,
Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/101
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
101