Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102
 

    kula mah teu méré tabir,
    tegesna tabirkrun sidik,
    hanteu bohong hanteu palsu,
    kakang mo nya gagal,
    tilu poé deui pasti,
    manis pait kapanggih lebah didinya.

XVIL PUPUH DANGDANGGULA (ed.)

  1. Sigeung Yusup kocap sunan wali,
    kaopat poéna,
    ngadawuhkeun,
    nyaur Bayus di bérok,
    jeung majlab hanteu kantun,
    radén Yusup talatah wanti-wanti,
    sing éling ka kula,
    engké kakang bayus,
    panguningakeun ka raja,
    neda tulung kuring ku hayang geura bijil,
    di pabuwén enggeus lila.

  2. Pangandika sohabat kulambi,
    Nabi Yusup dipanjara geus lima taun di bérok,
    ku sabab nabi Yusup,
    ménta tulung ka Bayus tadi,
    ditambahan ku Allah,
    punjul tujuh taun,
    tin u lima taun téa,
    panambahna // jumlah jadi lima welas di bui,
    taun Yusup lamina.