Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
103
 
  1. Bayus Majlab kocap geus arindit,
    ti pabuwén diiring ku upas,
    kajineman tingpolotot,
    énggalna Majlab jeung Bayus,
    geus ngadeuheusan ka payun gusti,
    Kitpirul Aziz jeung jaksa,
    sadayana kumpul,
    sang raja wali nu dawa Kitfir jaksa,
    nu ngarosan perkawis,
    Radén jaksa mariksa.

  2. bayus Majlab manéh masing éling-éling,
    ulah ékol wakca masing terang,
    bisi ku kami dicégék,
    naon nu matak Bayus,
    wani-wani ngahalang gusti,
    rék tuang roti ulah,
    manéh geura tutur,
    bayus tutur cedok sembah,
    mun perkawis purwana abdi ka gusti,
    wantu ngahalang tuang.

  3. sabab abdi terang liwat saking,
    yén pun Majlab nyampuran rotina,
    ku upas baruang kahot,
    purwa terang sakitu,
    duméh aya sapirang-pirang mantra,
    nu dengki ka raja,
    hayang ngangidih ratu,
    tuluy ka pun majlab nitah neundeun baruang ka jero roti,
    pun majlab nampi uang.