Ieu kaca geus divalidasi
104
Pirang-pirang dinar katampi,
malah ka abdi gé ngupan,
ananging abdi teu daék,
nitah ngaburuh racun,
kana cai haturan gusti,
abdi sieun doraka,
jeung sinuhun,
saéna kabina-bina,
ka abdina getén tulatén welas asih,
sakitu kateranganana.Dipariksa Majlab hanteu mungkir,
terang baé,
samoléh mantrina,
ka manéhna anu ngokos,
ku si Majlab disebut,
pon katangkep harita mantri,
dibuang disangsara,
wawales nu husud,
pun Majlab geus dipaéhan,
ditancebkeun // huluna dipanjeun cicing,
di jalan parapatan.Lebah dinya saé mun dipikir,
diimutkeun didamel tuladan,
wawales nu ati awon,
darowi dengki husud,
pati malik ka nu hiri,
sigeug kanjeng raja,
jabroil kacatur.