Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/105

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
105
 

    lungsur ka jero panjara,
    pangandika kabatul ahyar jabroil,
    dipiwurang ku Allah.

  1. Mariksakeun ka dén Yusuf nabi,
    permana Allah yén Yusuf andika,
    tina taya kaaya téh,
    saha anu damel Yusuf,
    saur Yusuf Allah rabbi,
    nu ngadamel kaula,
    jabroil ngawangsul,
    nu matak rama andika,
    nabi Yakub sangat asih Yusuf nabi,
    éta paréntah saha.

  2. Saur Yusuf parénya Yang Widi,
    Malak Jibril,
    pok deui ngandika,
    di jero sumur,
    poék mongkléng taya batur,
    tur ditaranjang andika nabi,
    saha nu ngabaturan,
    dina jero sumur,
    jeung saha nu mere sinjang,
    saur Yusuf taya lian ngan Yang Widi,
    nu maparin pakian.

  3. Sareng Gusti Allah nu maparin,
    pibatureun dina sumur téa,
    jabroil ngandika alon,
    jeung saha anu tulung,