Ieu kaca geus divalidasi
106
ngaluarkeun tina sumur suni,
cek Yusup taya lian ngan Allah wungkul,
malak Jibril ngandika saha nu muruk takwilan,
impi,
saur Yusup ya Allah.
pangandika malak Jibril,
naha atuh manana andika,
kesel di jero pabuwén,
jeung ngomong // ka si Bayus,
ménta tulung jeung ka ki wali,
Bayus téh jeung saha éta,
jeung ki wali ratu,
lain bangsa tunggal mahluk Bayus wali,
jalma kaya andika.Sabab kitu Yusup ku Yang Widi,
ditambahan cicing dijero panjara,
tujuh taun deui ongkoh,
jaba milima taun,
Kol Syéh bin Dinar Malik,
Yusup nyaur ka Allah,
abdi poho ngadu,
tina sabab réa teuing bahla,
nu tumerap ka diri abdi,
nyaur balakacapangan.Na kumaha malaikat Jabroil,
kula rido kena hukum Allah,
sigeugkeun Yusup dibérok,
lampahna teu kacatur,