Ieu kaca geus divalidasi
107
salamina di jero bui,
kacatur geus lila,
meunang tujuh taun,
saentas Bayus kaluar,
kacarita sinuhun Royan bin wali,
nyarioskeun impian.
Dikumpulkeun sanagara Mesir,
tukang nujum petangan,
jeung tukang sangkala bolong,
taya nu bisa nyebut,
alamat impian gusti,
sadaya pok riwan,
lain impén istu,
sok raja keukeuh manahna,
panasaran,
ku impian manah gusti,
kawas nu susah pisan.Kocap Ki Bayus nu ngaladénan gusti,
dipariksa hé Bayus manéh,
sugan aya nya kanyaho,
manéh atawa batur,
anu bisa nabikeun impi,
Bayus inget ngarenjag,
kana pesen Yusup,
nyembah unjnukan ka raja,
duwuh gusti aya pisan nu bisa nabirkeun impi,
mung aya dina panjara.Hiji budak bangsa Ibrani,