Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11
 

    Radén Yusup ngagebeg kawas anu reuwas.

  1. ku ramana di tingali,
    yén putra ngoréjat gugah,
    disérangkeun kanu poék,
    geus kitu kacarita,
    Yakub dina palinggihan,
    linggih ku putra diiring,
    Radén Yusup pangpayunna.

  2.  Nabi Yakub mariksa masing,
    Yusup buah ati rama,
    ti peuting ujang ku naon,
    mana gugah kawas reuwas,
    semuna kagét ngoréjat,
    Radén yusup nyembah matur,
    sumuhun pariksa ama.
     

  3. yaktosna kuring téh ngimpi,
    kuring reuwas téh kacida,
    ngadégdég ati kuring téh,
    kageuingkeun ku impian,
    ngimpi ulin wengi wengi di latar, // ⁠ ⁠ ⁠ 6
    jeung sakabéh dulur-dulur,
    mawa iteuk hiji séwang.
     

  4.  Ti dinya iteuk sim kuring,
    sundul ka langit puncakna,
    kembang buah tambah gémplék,
    dulur-dulur sadayana,
    ningali sami kabita,