Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
 

    nu opat puluh éwon,
    kocap enggeus kumpul,
    istri di jero puri,
    jeung Ratna Juléha,
    gancang raja nyaur,
    hé awéwé maranéhna,
    anu matak ngeureut leungeun pribadi,
    éta naon sababna.

  1. Cedok nyembah matur istri,
    mun mariksa purwa leungeun rusak,
    ku abdi kakeureut péso,
    sababna katungkul,
    nu nénjo kasép leuwih,
    kakara umur-umuran, //63
    uninga nu kitu,
    kinten malaikat,
    nya paingan nyi putri kédanan leuwih,
    sanés ilang wiring.

  2. Lajeng raja mariksa nyi putri,
    hé Juléha,
    saha nu hayang,
    Ibrani atawa manéh,
    radén putri tuluy matur,
    nun pariksan yaktosna abdi,
    nu kagoda ku ayétan,
    Ibrani nu istu,
    kangjeng rasul kacarita,
    waktu keur nyarios ka sahabat kami,
    lebet Bayus nyarita.