Ieu kaca geus divalidasi
112
Dipiwarang ku raja sulton wali,
ku mas sipir raja.ngajait Yusup nu kasép,
ku sabarna sakitu,
aris temen tur beresih galih,
lamun sagedé urang mah,
moal waka nyebut,
tabirna éta impian,
jangji heulaanan,
hade kula nyebut perkawis,
tabirna éta impian.Sanés deui éta sah bangsa nabi,
bangsa mursal dikasih ku Allah,
manah sobar tur soléh,
teu kersaeun jangji kitu,
hanteu burung gusti Yang Widi,
ngahampura ka anjeunna,
kocap deui ratu miwarang kajineman,
ngaluarkeun Yusup ti jero bui,
disaur ka mandapa.Kacarita bareng Yusup bijil,
ti pabuwén lajeng ditulisan,
di lubureun lawang bérok,
jeu kubur nu hirup,
ieu mah tempat pirhatin,
imah cobaan manah,
nu sidik nu palsu,