Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116
 
  1. // Geus lastari,
    ngandika para sohabat,
    na Yusuo keur naon teuing,
    kudu nuhunan ka raja,
    hayang jadi juru tulis.

  2. Sabab najan teu nunuhun,
    mun enya nu séjén deui,
    ku raja wali bin Royan,
    nu dijadikeun juru tulis,
    nu tukang ngurus maréntah,
    tangtu Yusup nu kapilih,
    sakitu aya kapikayungyun.

  3. Tur Yusup bijak pinanggih,
    urang Mesir hamo bisa,
    ngurus tatanén mangarti,
    pangsakitu ngadawuhna,
    éta gusti kangjeng nabi.

  4. Éta bawaning panuju,
    ka Yusup sarta berbudi,
    mangga malikan carita,
    énggalna anu ngagurit,
    nyawah ngahuma geus ubyag,
    palawija jagong jeli.

  5. Lumbung-lumbung geus ngabagug,
    leuit geus ngabaris,
    kudang-kudang geus sadia,