Ieu kaca geus divalidasi
117
kantor tulis geus cumawis,
pare gandum alus pisan,
pepelakan sarua jadi.
Sabab tahun ngunduk-ngunduk pibuateun paré sami,
jeung eusining palawija,
jaramina pon diarit,
disimpen di hiji kudang,
ngawungkul tempat jarami.Barang jangkep tujuh tahun,
datang huma-huma garing,
hanteu kapuluk beunangna,
mimiti werit paceklik,
dumadak loba sasalad,
kana ka jalma ka munding.Panas muriang jeung taun,
nyorang ka sagenep nagri,
katambahan réa jalma,
jalma nguyang-nguyung gering,
mun nyorang ka lebah urang,
kinten pipes taya majadi.Loba sawah anu gamhung,
kumarit réa panyakit,
jalma réa anu hilang,
sapi // munding agah mati, 68
tambah lila tambah mahal,
harga béas gamdun samir.