Ieu kaca geus divalidasi
119
sabab kuring anak nabi,
sanajan gamparan raja,
mo ngungkulan darajat nabi.
Ti dinya kangjeng sinuhun,
saban tuang sami-sami,
Yusup geus wanter manahna,
kocap ki Kitfirul Aziz tina kakolotanana,
datang ajalna hos mati.Ratna Juléha sepuh,
waos ompong rambut putih,
rangkébong iga norélak,
randa anu matak birahi,
Yusup geus bujang genjléngan,
rumeja putra téh bukti.Yusup tilu puluh tahun,
ngan aya leuwih saeutik,
tapi Ratna Juléha,
nya gé geus nini-nini,
wantu kokorompong emas,
lain cara // beling piring.69Kacarita kangjeng ratu,
kagungan maligai rukni,
sawur Abdullohil Abbas,
maligai emas rinukmi,
rurumbé ratna mutiara,
maligai atawa katil.