Ieu kaca geus divalidasi
12
sadayana tinggapiyuk,
nyéblokeun iteuk-iteukna.
Luhurna iteuk sim kuring,
sundul ka langit puncakna,
kembang buah tambah gémplék,
dulur-dulur sadayana,
ningali sami kabita,
sadayana tinggapiyuk,
nyéblokan iteuk-iteukna.Nanging teu aya sahiji,
anu nangtung kana lemah,
iteukna anggur ngagalir, (sic!)
dumadakan datang topan,
ngeded ngebak buruan,
angin puyuh ngawut- ngawut,
mabur iteuk sakabéhna.
Melesat kabawa angin,
paburantak ka sagara,
iteuk sami ilang kabéh,
sapuluh nu pun kakang téa,
mung nu kuring waluya,
teu rubuh katebak angin puyuh,
malah beuki tambah muncak.
Kadangu ku Radén Rubil,
sacarios raina,
lamun peuting tadi ngimpén,
Radén rubil gentrana nambalang nyaur nyentak,