Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120
 
  1. cahyana hurung mancur,
    nganggo nétra sutra wilis,
    nganggo genep puluh bolsak,
    jeung tilu puluh saperti,
    alketip sutra dewangga,
    ari Iuhurna si katil.

  2. ukur asta tilu puluh,
    gedéna katil rinukmi,
    éta tilu puluh asta,
    katil palinggihan aji,
    panginten puwadé téa,
    atawa bangsa palinggih.

XIX. PUPUH ASMARANDANA (ed.)

  1. Para ponggawa para bopati
    kumpul salinggih-linggihna,
    satempatna séjén-séjén,
    jéjér jajar di mandapa,
    payuneun katil mulya,
    énggal raja nyaur Yusup,
    lajeng disandangan padang.

  2. Dilinggihkeun jero katil,
    Yusup cahyana kumawang,
    eukeur mah dadasar kasép,
    katambah ku perhiasan,
    sutra inten emas-emasan,
    cahyana mencror sumuwung,
    kaya reremekan kaca.