Ieu kaca geus divalidasi
121
Hariring ratu ngalahir,
hé sadaya para ponggawa,
ieu kula meré nyaho,
ayeuna Yusup diangkat,
raja nu ngambah wenang,
raja nyaurna sakitu,
bari metakeun makuta.Ka mastaka Yusup sidik,
pangandika sri naléndra,
hé ayeuna Yusup soléh,
kumaha ujang tarima,
diangkat jadi raja,
jadi kaki tangan ratu,
kang rama wungkul naléndra.Nu ngajaga jeroning puri,
Yusup nu ngolah naléndra,
kang rama teu nyaho-nyaho,
hadé goréng kuma putra, // 70
kusut kereteking (sic !) jaman,
ditanggung ku bahu Yusup,
kaserahkeun kabéh pisan,
pedang makuta keung katil,
cap karajaan jeung nagara,
ayeuna jaman sésérén,
Yusup matur tadim hurmat,
sadalah dikumaha,
najan abdi henteu patut,
pernah ka jadiraja.