Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
122
 
  1. Lain abli jadi aji,
    dipangersakeun gamparan,
    kumureb saboléh-boléh,
    pok deui raja ngandika,
    hé kabéh ponggawa pramantri praratu,
    ayeuna kabéh saksian.

  2. Sadayana nyembah tadim,
    sumuhun timbalan raja,
    abdi gamparan sakabéh,
    jumurung kersa gamparan,
    ngiting tur suka kacida,
    sadaya bade sumujud,
    ka Radén Yusup Sri Nata.

  3. Sang raja ngalahir deui,
    sanggeus padanyaksi trima,
    ponggawa mantri kaliron,
    kudu padaméré tanda,
    nya éta sasalman, ( sic !)
    ka Yusup raja nu baru,
    sadayana ngajurungan.

  4. Teu lila jebul cikopi,
    pamasangan geus ditata,
    tuang leueut ramé-ramé,
    parantos nu barangtuang,
    bubaran sadayana,
    anu ngalér anu ngidul,
    masing-masing padarencay.,