Ieu kaca geus divalidasi
123
Sang raja wali di puri,
ngaraton ( sic! ) ngan kantun nama,
naléndra pantiur baé,
Radén Yusup anu ngolah,
kawasa pangawasa,
hanjakal kangjeng sinuhun,
teu ka // gungan pisan putra. 71Nabi Yusup ratu Mesir,
harita geus ngayasa,
ku anjeun damel kadaton,
nagara sarta kacida,
sadaya tambih suka,
ngawulana sungguh,
taya nu mangmang taya nu baha,Sigeug Yusup kocap deui,
nu nguyang ti mana-mana,
ka Mesir datang sakabéh,
mimiti marawa uang,
tambaga pérak emas,
ngan satahun kudang pinuh,
hiji ku mas pérak.Sunah wali suka galih,
réh sugihna tanpa lawan,
ladang samir paré,
nu nguwang geus béak pisan,
mawa sabanda-banda,
Yusup ku anjeun nun gurus,