Ieu kaca geus divalidasi
124
marinan ngajual nimbang.
Ari éta kantor tulis,
paranti Sang Yusup nyerat,
sisi pisan jalan gedé,
nu liwat kabéh katingal,
kocap Ratna Juléha,
manahna teu putus-putus,
batan paler angegnr tilar.teu raos geus cetuk huis,
lar liwat ngahelaran,
beunangna midang panganggo,
sutra-sutra emas-emasan,
suweng séta berlian,
tur nganggo geulang kangkalung,
kawas parawan jekékan.Sora emas diadu manis,
jeung marjan digeulang mahrab,
dianggo geulang kongkorong,
sal sutra maksa mayura,
ngangego selop bordél emas,
ari umur tunggang gunung,
manah mah pecat rakitan.Angkat loba anu ngiring,
anu mawa tempat ludah,
tampekan emas paparaheun,
ngaliwat ka kantor nyerat,
barina dédéhéman,