Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
125
 

    Yusup nyerat bari tungkul,
    teu nolih ka nu ngaliwat.

  1. Juléha // angkat gumeulis, ⁠⁠⁠72
    saban poé sok ngaliwat,
    tungtungna Juléha nénggor,
    ka korsi érmawar,
    barina ngadéhéman,
    Yusup ngandeg semu bendu,
    pokna éta nini saha.

  2. Éta hadé tata karama,
    kuma pipikiranana,
    lelewa aced bumogoh,
    gogoda kabina-bina geura seuri tukang nimbang,
    nénjo Juléha sakitu,
    nguping Juléha kalahiran raja.

  3. Ti dinya Juléha usik,
    ku sang Yusup dibuburak,
    bari ngagelendeng ongkoh,
    tukangna keur nimbang béas,
    buleng semu reuwas pisan,
    salempang ku Yusup,
    réh nampik nyesel kacida.

  4. Nyeblak Juléha rasa éling,
    lajeng mulih ka bumina,
    geus sumping nyandak pangilo,
    pék ngaca geus sepuh pisan,
    ningali peupeureudeuyan,