Ieu kaca geus divalidasi
126
ti dinya rampuyuk nyuuh,
barina gogolépakan.
Ningkeb anjeun beurang peuting,
kaédanan campur wirang,
réh teu boga rasa kolot,
manahna keker teu pohang,
palay ku Yusup ditikah,
ras ngélingkeun enggeus sepuh,
euh aing kuma petana.Manah peurih lir digisik,
ngéntab panas tur bayeungyang,
lir diturih sumérését,
tina langkung raos wiring,
tengah peuting kaluar,
tuluyna ka gunung,
angkat sakaparan-paran.Tina sangeting pirhatin,
angkatna bari midamdam,
nangis teu répéh-répéh cisoca upama hujan,
malah Ratna Juléha,
raray pinuh ngucur lamur,
nangisna uleng-ulengan.leuleuweungan beurang peuting,
nyalira kadua kalangkang,
teu barang dahar teu saré,
geus palay tuluy ngalungsar, // 73
di handapeun kayu camara,