Ieu kaca geus divalidasi
127
ngurut-ngurut indung suku,
bari sasambat ka Hubal.
Hé Hubal berhala kami,
irahanya dipasihan,
ka Yusup kami sajodo,
lamun teu pareng ditikah,
ku Yusup saayeuna,
kami paéh pinggir gunung,
duh Yusup jungjunan manah.Sabot Juléha nangis,
jebul aki-aki datang kudang iteuk rayah-royoh,
bongkok geus kolt kacida,
gancangna pok mariksa,
aéh naha hanteu umum,
aya awéwé sorangan.Tengah leuweung ngan pribadi,
aya awéwé kumaha,
Ratna Juléha ngawalon,
kula jalana kasusahan,
hayang ka hiji jelema,
papacangan ti lelembut,
ti eukeur pada barudak.Ayeuna kula ditampik,
padahal kula parawan,
liwat ngenes nyeri haté,
rasa disasaak bayah,
naget prihatin kaula,