Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13
 

    éta omong manéh Yusup,
    teu pernah omong nu pyan. (sic!)

  1. Ngan pédah manéh hasil,
    ku nabi Yakub rama,
    jadi boga rasa manéh,
    punjul ti lanceuk nya pangkat,
    pok ngomongkeun impian,
    salaku manéh teu nyebut,
    ieu sing ratu sia.

  2. manéh gé ganedék aing,
    pangatik pangiring gundal,
    tukang payung tukang epok,
    Radén Yusup héran reuwas,
    ningali ka éta rakana,
    napsu heunteu puguh- puguh,
    tunggu ngahulag ramana. // ⁠⁠⁠7

  3. Yahod Samaun Rubil,
    geus bubar bareng sadaya,
    ka tegal ngarangon embé,
    sakabéh ditu damelna,
    unggal- unggal poé ariang,
    Radén yusup anu kantun,
    teu ingkah reujeung ramana,

  4. Enggalna nu mangun tulis,
    Radén Yusup kacarita,
    hiji wengi tuluy ngimpén,
    kulem gandengen ramana,