Ieu kaca geus divalidasi
131
buncir deui lir jaksi,
bitisna pundak sajantung,
ningalan kana dada,
cangkir kadingna merekis,
sareng jadi pinareup lir bubut pasang.
Atawa lir bubut panggal,
kulit kolot pulih deui,
puguh tadi gé parawan,
ayeuna mah komo teuing,
Nyi Radén Rail,
emas duket ditambah simpuh makasar.Parantos anu siram,
Ratna Déwi lajeng mulih,
teu kacatur dijalana,
liwat pinggir kantor tulis,
ku Yusup katingali,
Ratna ngarundaykeun rambut,
diséréd-séréd tungtungna, buyudu gé kajeun teuing,
pinuh taneuh rambut panjar dikakandar.Radén Yusup ré ningali,
bingung kagét nyeblak galih,
nyaur jeroning manah,
naha saha éta istri,
siga Nyi Radén Rail,
tapi Nyi Rail geus sepuh,
éta parawan ngora,
meujeuhna rumaja putrid buuk panjang,
sarta hideung matak nyeblak.