Ieu kaca geus divalidasi
132
énggal Radén Yusup nyerat,
manah nyarantek nyalengit,
nyeratna loba nu salah dicurek dicurak carik,
tina katungkul ningal,
kertas ngabugbrug,
nu salah dipiceunan,
ngaladangan gandum sair,
hanteu puguh,
uwar awur mawur // manah. 76Isukna Déwi Juléha,
angkat loba anu ngiring,
ngaliwat pinggir kantorna,
beunangna midang disalin,
sang sutra sara kuning,
disulam héjo jeung wungu,
jeung beureum kembang-kembang di tengahna,
marek ngibing kangkalung marjan gahrab jeung berlian.Ditambahan ku ranté emas,
dina dada silat sulit,
ngarumbay dina tenggekna,
nganggo jamrut anting-anting,
rapung cingcin di jariji,
emas panon jamrut,
selopna bordél emas,
térétés inten Ratna di,
eukeur geulis katambah ku panganggona.Geulisna Ratna Juléha,