Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/133

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
133
 

    teu bisa nyebutkeun deui,
    semu-semuna katingal,
    tiluareun kulit bitis,
    upama tuang cau,
    katingal cai turun,
    tina jero tenggekna,
    lain warna putih kuning,
    bodas ngaplak semu beureum katingalna.

  1. Najan Ratna Déwi Sinta,
    atawa Banowati,
    hamo sacinggir-cinggirna,
    Nyi Radén Ratna Bu Rail,
    geulis kawanti-wanti,
    nyi ayu punjul ti batur,
    najan rangganis pisan,
    geulisna panganggit bujanggi,
    ari Ratna Juléha,
    geulis enyana.

  2. Bujangga teu bisa nyebat,
    leuwih geulis kurang tulis,
    yén cinandra kurang candra,
    péndékna mah taya deui,
    istri cara Nyi Rail,
    saumur dunya dumawuh,
    lir istri sawarga,
    kajaba retuning istri,
    di sawarga nu sami Siti Fatimah.

  3. Énggalna putrid ngaliwat,