Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
134
 

    dipayuneun kantor tulis,
    Yusup nyerat mancangah,
    ningali ka Ratna Déwi,
    tamplok mangsina tikuling,
    kusut buku muwar mawur,
    jidarna paburantak,
    katungkul ningali putri,
    pok mariksa ka tukang naker // béas. ⁠⁠⁠77

  1. Eta awéwé téh saha,
    nun ngaliwat pulang anting,
    pantes mun jadi pawarang,
    méh sarimbag jeung Nyi Rail,
    tatapi ieu leuwih,
    nya ngora nya punjul patut,
    nu tukang naker nyembah,
    mun pariksa kangjeng gusti,
    abdi engké éwed kalangkung kalinglap.

  2. rék disebatkeun Radén Ratna,
    da éta mah anom leucir,
    arék disebat anu lian,
    sasarina taya deui,
    anu sok pulang anting,
    tur sarimbag sapamulu,
    rék disebat raina,
    teu kagungan deui rai,
    nanging leres pangiringnana mah sadaya.

  3. Sang Ratu Yusup ngandika,
    ieu kudang geura kunci,