Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
135
 

    coba ku ilaing mapay,
    éta enya téh Nyi Rail,
    atawa séjén deui,
    gancangna nu mangun catur,
    kudang geus dikuncian,
    tukang naker mapay sidik,
    Ratna Déewi Juléha balik ngora.

  1. Saperti anu sedeng ngora,
    opat welas tahun putri,
    hanteu liwat hanteu kurang,
    pinareupna karék jadi,
    sacangkir kalapa gading,
    sang ratu Yusup kayungyun,
    mun lain ninggang mursal,
    nya meureun nyelengit ati,
    hanteu lami lajeng miwarang nayaan.

  2. Hiji jalma nu utama,
    mawa tanda inten duit,
    tempatna kanagan emas,
    kocap jawabna Nyi Rail,
    kuring teu werat teuing,
    dipigarwa ku ratu,
    lain pikeun garwa raja,
    karana cacah nu pasti,
    kuriyah raja katempuhan.

  3. Mapan réa-réa raja-raja,
    nu kagungan putra geulis,
    parawan buat pangarang,