Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
136
 

    montong ngadoja ka kuring,
    nini-nini nbarudeg,
    sarta pangawak pahatu,
    nya randa panampikan,
    éta naon candak deui,
    montong suker nya nganti saé // manahna. 78

XXI. PUPUH KINANTI (ed.)

  1. Utusan ngahuleng bingung,
    mikiran sangkan ngajadi,
    rék mulang rasa kapalang,
    palangsiang untang anting,
    untang anting mawa tunda,
    mun mulang tacan kajing-kajing.

  2. Ku putri dijurung-jurung ti dinya ngeureuyeuh
    deui mulih,
    kocap jeung raja geus tepang,
    piunjukeun saur putri,
    Yusup bingung tambah bingbang,
    mun urang mahmeureun ceurik.

  3. Nayaan hanteu kaasup,
    gugulayap nyiar sihir,
    geuning sok aya nu nyata,
    kajeun rugi ratus duit,
    ngabélaan napsu hawa,
    kajeun tapa dapon hasil.

  4. Nabi Yusup mah teu kitu,