Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
137
 

    sabar baé sabab nabi,
    diserahkeun ka pangéran,
    kabéh gé kagungan gusti,
    lamun pijodoeunana,
    mugi énggal ka pamilih,

  1. Lamun lain jodo atuh,
    kumaha kersaning gusti,
    mugi pasihan gantina,
    anu saé lahir batin,
    énggalna Yusup nguninga,
    ka Sunan Royan bin Wali.

  2. leu piunjukna sang ratu,
    saleresna jisim kuring,
    nyaking damel ngembah wenang,
    gaduh rorompok pribadi,
    pinten-pinten suka bungah,
    kumargi kombaraning gusti.

  3. Ananging teu gaduh lampu,
    surem cahayana rompoki,
    sim kuring karanten aya,
    basana istri lampu bumi,
    sanggar buwali nyakakak,
    hé Yusup bener téh teuing.

  4. Najan imah témbong alus,
    mun taya dammar mah sepi,
    kitu deui raja beunghar,
    mun bujang teu tenang ati,