Ieu kaca geus divalidasi
138
nya bener geura néangan,
da amalah ngagilincing,
Jeung ibu mah hapa gabug,
lah Yusup hanjakal teuing,
kumaha lamun kadinaya,
ngan éta geus kolot teuing,
pihatur Yusup ka saha,
Naléndra wali ngalahir. // 79Lamun ngarangkeskeun dangus,
yusup euweuh pisan piker,
tatapi kuma ayeuna,
da éta geus nini-nini,
hilang baheula keur ngora,
batan daék suka mati.Ratu Yusup nyembah matur,
yén dikersakeun ku jeng Gusti,
nya ka éta gé sumangga,
seja kumureb téh teuing,
nanging dipariksa heula,
Nyi Rail ku dampal Gusti.Sri Naléndra tuluy nyaur,
moal dipariksa deui,
mungguh bawa rasa ama,
sageuy ucing nampik beurit,
sang Yusup nyembah unjukan,
hanteu kitu kangjeng Gusti.