Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
139
 
  1. Pikir jalma hanteu kukuh,
    terkadang sok lanca-linci,
    sanajan geus misti pisan,
    teu inggis ahirna jalir,
    kaya cai manah éta,
    mundigulaan sok amis.

  2. Dicampuran inggu bau,
    diuyahan jadi asin,
    Jamun dibartawalian,
    cai téh sok rada pahit,
    kitu deui ati ngaalah-alihkeun gampil.

  3. Kamanah ku kangjeng ratu,
    sapihatur Yusup sidik,
    teu lila énggal nimbalan,
    nyaur Ratna Déwi Rail,
    kocapkeun baé geus dongkap,
    Nyi Rail mendak di puri.

  4. sadongkapna kangjeng ratu,
    céngéng ningali Nyi Rail,
    ngagebeg kagét manahna,
    ka linglap ku Ratna Déwi,
    réh jadi leuwih tulisna,
    parawan sedeng tumarik.

  5. lajeng mariksa sang ratu,
    éta téh Nyi Radén rail,
    sembah pariksa gamparan,
    nunabdi téh pun Rail,