Ieu kaca geus divalidasi
14
dikira jam pukul dua,
ngoréjat gugah ngajentul,
gabrug ku ramana dirontok,
diseuseup antara socana,
Radén Yusup ku ramana,
bari mariksa gapiyuk,
hé yusup kakasih rama.
Buah panon buah ati,
ku naon ujang ngoréjat,
si utun ngoréjat kagét,
Radén Yusup matur ka rama,
hé kersa ama anu mulya,
ajaib putra sinubun,
reuwas ku gaduh impian,Nabi Yakub lajeng ngalahir,
Ujang ulah reuwas- reuwas,
mo luput impian hadé,
saré deui baé ujang,
ayeuna ulah carita,
hadé tutur isuk-isuk,
kudu saréngéngé medal.Radén Yusup ébog deui,
nanging heunteu kulem tibra,
ngamanhan baé impén,
kacarios isuk geus beurang,
sabudalna putra-putra,
ngagiring kambing ka gunung,
kantun Yusup jeung ramana,