Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
140
 

    jeung sultan énggal mariksa,
    ari ayeuna Nyi rail,
    mana ku kami disaur,
    sugan aya titis tulis,
    dikersakeun ku pangéran,
    sugan sajodo ngajdi, // ⁠ 80
    rék ditikah ku kaula,
    karana lagas Nyi Rail.

  1. yusup duda jadi ratu,
    nista mungguhing sang aji.
    lamun teu boga pawarang,
    arék ku kula dipikir,
    taya pisan itu meujeuhna,
    nu pantesngan Déwi Rail

  2. Dinungkul ku payung agung,
    nyai téh nu paryugi,
    pawarang pamilang tihang
    Nyi Juléha matur tadim,
    sumungkem kersa gamparan,
    nanging Yusup nu mo sudi.

  3. Dawuhan Ratu mo Yusup,
    nu banget misuka Rail,
    ka kaula geus unjukan,
    poé isuk kudu kawin,
    Juléha matur nimbalan,
    kumureb kersa gusti.

  4. Teu dibélotkeun pihatur,