Ieu kaca geus divalidasi
142
nu diwurkeun dijalan,
diparulungan ku istri.
Jeung pameget pabaliut, //
perbu nu mulungan duit, 81
Nabi Adam gé jeung Hawa,
heleran diawur duit,
maliakat disawarga,
manana urang kiwari.Pangantén mana diawur,
ku béas konéng jeung duit,
éta niron nabi Adam,
ganti dinar nya éta kuning,
béas ganti yén pérak,
baheula mah disawargi.Ku duit mas pérak istu,
kitu deui Sayid Ali,
heleran jeung siti Fatimah,
ku malaikat diaping,
disawér ku emas pérak,
candak jibril ti sawargi.Jadina téh tambah kitu,
pangantén disawér duit,
éta hadé-hadé pisan,
sabab niru lampah nabi,
jeung deui anu mulungna,
hanteu mantak cacad diri.