Ieu kaca geus divalidasi
143
Hanteu haram hanteu makruh,
mulungan panyawér duit,
hanteu mantak ilanggo marwat,
tapi makruh nyanggap duit,
panyaweér nu tacan ragrag,
ieu poé garit manis.
XXII PUPUH DANGDANGGULA (ed.)
Yusup ratu jeung nyi Rail,
enggeus sumping linggih dibumina,
geus tangtu pagédéng-gédéng,
calik dina bangku agung,
bérés baris ais pangampih,
dijajar ku emban-emban dirung ku gelung,
diayap ku garwa ménak,
sabisa nu entas réndéngan kawin,
sadaya gé geus uninga.Sami-sami bobar par bopati,
geus lekasan nu mangkat kariya,
montong kabéh dicarios,
Rail jeung ratu Yusup,
geus mupakat tunggal sarasmi,
sang Yusup sasahuran,
dijero tempat tidur,
ka Ratna Déwi Juléha,
mana hadé baréto reujeung kiwari,
mungguh rasa engkang mah.Leuwih hadé sampurna kiwari, //