Ieu kaca geus divalidasi
144
lampah bener jeung hanteu doraka, 82
ayeuna mah simpé jempé,
senang-senang sakamampuh,
moal aya nu nyiksikudi,
Rail mésem maturan,
engkang ulah kitu,
montong mokpokeun baheula,
coba manéh kuma teu dék kitu kuring,
nyai téh jalma ngora.
Ari boga salaki ka Kitfir,
jeung geus kolot,
tur tanpa daksa,
parabotna koméng lépét,
jeung engkang prok patepung,
najan manggih deui lalaki,
nu saimbang sapantar,
lain pisan nguntup,
mawaning tariking sétan,
hanteu mikir yén engkang bakalan nampik,
réh kuring kongas rupana.Éta kitu mpaning lalaki,
Jamun aya istri roy manah,
tangtu pandeurieun awéwé,
tangtu tinekannan lulus,
ari cék sahiji,
lalaki éta tara roy waka manahna kapincut,
birahi kaistri lian,
anging tangtu anu sir,
nembé lalaki suka.