Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
145
 
  1. Kitu deui manggih kula gisti,
    tara pisan muhibat ka Allah,
    tegesna muhibat bogoh,
    anging kudu ka yang agung,
    asih heula pandeuri,
    kakara panaul pana,
    dalil yuhibbuhum,
    wayuhibbunahu éta mangsa Allah asih,
    kakawula ning asih,
    tang tu kawula suka.

  2. Ari jalana anu dipika asih,
    kudu jalana deuheus ka Allah,
    jalan deuheus ka yang manon,
    nya éta urang kudu,
    torékat nabi,
    amal nu sunat-sunat,
    sumawona nu pardu,
    jauh tina makruh haram,
    mun teu kitu maripatna hamo nepi,
    hadis kudsi dalilna.

  3. Mangga urang malikan di Mesir,
    kocap deui anu kapahilan,
    nu nguyang ka Mesir kabéh,
    ti mana-mana cunduk,
    kacarita, // tanah Ibrani ⁠⁠⁠83
    nu kocap ti Kanaan,
    sang sir nabi Yakub,
    geus lila pisan jeung putra,