opat puluh taun lamina hanteu kapanggih,
jeung nabi Yusup putrana,
Remen pisan tepang jeung brani,
saban tepang nabi sok mariksa,
sobat malak maot,
di tempat mana Yusup ku andika di selir,
nya dicandak nyawana,
Ijroil ngawangsul,
éta Yusup putra tuan,
aya kénéh di dunya tacan diselir,
ahirna gé tangtu tepang.Kitu baé unggal-unggal panggih,
nabi Yakub jeung Ijroil malak,
Radén Rubil kacarios,
haturan kalangkung,
kakirangan pangan harti,
nabi lajeng ngandika,
hé Rubil Samaun,
geura mapay-mapay béja,
anu aya gandum atawaning sair,
maranéh geura nyiar.Radén Rubil haturan di Mesir,
anu réa gandum sareng béas,
pangguyangan nabi kabéh,
ngandika nabi yakub,
beral manéh leumpang ka mesir,
bawa saaya-aya,
pakeun ngurup gandum sipat duit ambrang-ambrang,