Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
147
 

    tapi poma montong dibawa ku Bunyamin,
    bisi cara kakangna.

  1. Putra-putra darangdan,
    anu meungkeut anu ngarut babawaan,
    téko talem sééng katél,
    rangkal sagaduh-gaduh,
    mawa ogé duit saeutik,
    kocap baé isukna,
    putra-putra ngabrul,
    nanggung barang rupa-rupa,
    gagarabah apes martabat Ki Rubil,
    gagabah mawa gagabah.

  2. Ngan sapuluh putra ka Mesir,
    Bunyamin kantun di Kanaan,
    rama teu maparin mios,
    sieun cara Yusup,
    sigeug lampah Samaun // Rubil, 84
    kocap sang Yusup raja,
    di Mesir sugih langkung,
    isuk-isuk enggeus dangdan,
    nanggo pedang nganggo makuta rinukmi,
    saged sapopoéna.

  3. Ayeuna gé Yusup raja Mesir,
    sugih mukti,
    réa ketan réa keton,
    tapi tuangna sapoé,
    tara mindo ping telu,
    tengah poé baé sakali,