Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
149
 

    bisi jalma kaduum tinggi,
    supaya bisa rata,
    meunang béas gandum,
    karana Yusup manahna,
    dagang béas lain pisan ngarah sugih,
    seja nulungan ka jalma.

  1. Kocap Rubil Samaun Nangtali,
    tinggarudag ka Mesir dongkap,
    poronggos semu gumedén,
    sarta angkuh adigung,
    taya pisan rempan karii,
    nagong datang ka lawang,
    dipegat ku serdadu,
    ditanya anu ti mana,
    engké heula // ulah waka wani-wani 85
    asup ngaliwat lawang.

  2. Tuluy sugal ngawalon Rubil,
    ieu kula urang nagara Syam,
    lain jalma joré-joré,
    putra sang Nabi Yakub,
    di Kanaan bumina nabi,
    Yakub putra Ishak,
    tunggal nabi punjul,
    Ishak Ibrahim ramana,
    walilullah kakasih Robbul alamin,
    askar ngajawab édas.

  3. Anak kitu éta andika téh nabi,
    bangsa luhur kakasih pangéran,