Ieu kaca geus divalidasi
15
Nabi Yakub mesem manis,
mariksa ka putrana,
ngimpi kumaha ujang téh,
pok ujang gera nyarita,
meungpeung heunteu aya jalma,
Radén Yusup // nyembah matur, 8
nuhun pariksana rama,
saleresna sim kuring ngimpi,
ningalian langit dunya,
lawangan kabéh molongo,
terus langit katujuhna sareng bijil cahaya,
moncorong medal ti pintu,
nyaangan saalam dunya.Lauk kabéh katingali,
terus ka dasar-dasarna,
lauk sadayana tembang,
basa nyampeurkeun putra,
bari maca subhana,
tasbéh tahmid basa campur,
ku warna sapirang-pirang.Eta sadayana kaharti,
lauk basana ku putra
nu dianggo tahlil tasbéh,
pada muju ka pangéran,
bari ngaraleut ka putra,
ngagimung lauk di payun,
ngaguruh muji bari suka.