Ieu kaca geus divalidasi
150
éta nu dicandak téh naon,
Robbil matur pok matur,
montong nanya babarengan kami,
nista teu petot perenah,
gancangna tuluy asup,
putra-putra sadayana,
éta kitu upama nabi,
Muhammad salamullah.
Di ahérat umat kanjeng nabi,
nu mawa amal ti dunya,
hadé kotor campur goréng,
padahal geus kasebut,
dina Quran umat kanjeng nabi,
nya panghadéna umat,
Muhammad pininjul,
sadaya inget ka dinya,
di pariksa umat saha ieu abdi,
langah ngawangsulan.Ieu abdi umat kanjeng nabi,
nu ka sebut dina Quran téa,
pujina Gusti Yang Manon,
ti dinya Robul Gopur,
ngadawuhan,
hé umat nabi,
mana amal manéhna,
umat heluk tungkul,
mugi agung panghampura,
amal hadé ngalilingsem abdi Gusti,
awon kotor campurna.