Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
151
 
  1. Éling-éling nu maca nu nguping,
    ulah sok ngingetkeun turunan,
    atawa awon atawa saé,
    nedemung jeung adigung,
    lampah laku nimbang-nimbang diri,
    sing hadé sada nincang,
    anak alim luput,
    hanteu ngaji teu isakola,
    masing éling,
    mun urang turunan alim,
    mudu tambah peryatna.

  2. Ulah pisan laga kudu ngaji, //
    masing getol lamun bedo éra, 86
    urang téh mudu masanterén,
    ulah reueus adigung,
    anak bawa urang wong alim,
    jiga naon rupana,
    mun bodo balilu,
    teu nyaho pardu taharoh,
    ulah embé burusut ngajuru babi,
    éta th goréng kacida.

  3. Ari mungeguh anu bangsa batil,
    masing éling mung urang sadaya,
    Islam lalaki awéwé,
    umat nabi nu munjul,
    pamujian Rabbul alamin,
    umat kasebut,
    tegesna hé maréntahna panghadéna,