Ieu kaca geus divalidasi
152
pangleuwihna umat nabi,
kitu timbalan Allah.
Sabab urang ku Allah dipuji,
masing éling,
ulah ngawiwirang,
diogo ulah bedegong,
tilu lakuning Rosul,
diakhérat tangtu katungtik,
ngaku umat Muhammad,
nabi Rasul punjul,
lalmpahan cara budak,
isin temen ku nabi jeung ku Yang Widi,
mun mungkuran agamana.
XXIII. PUPUH PANGKUR (ed.)
Kacatur deui nu nguyang,
Radén Rubil Samaun Nangtali,
ngadeuheus ka Ratu Yusup,
sadayana nyondong raja,
nakorsi linggihna emas sang Yusup,
mastaka ngagego makuta,
ngaggo kanggalung ratna di.Sinjangna songkét permas,
nyandak pedang emas deukeut panitik,
Yusup cahyana sumunu,
pangling Radén Yahoda,
hanteu nyana hanteu sangka Radén Yusup,
tatapi Radén Yusup mah terang,