Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/154

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
154
 

    ...// masiat,
    ka Yusuf éta jadi, 89
    pipinding matak-matak kaliru,
    komo teuing kaula ka Gusti Nu Nama Agung,
    matak ngandel-ngandel hijab,
    muterus maripat jati.

    Kocapkeun Rubil barudal,
    manggung beras téh rasana hampang-himping,
    manha manteng ka sang Yusuf,
    carékcok sajalan-jalan,
    pada muji ka ratu teu nyana Yusuf,
    anggang gé tanwandé datang,
    kocap baé geus sumping.

    Rubil ngaguruh unjukan,
    raramana karatu nagri Mesir,
    kasép sarta lemah lembut,
    berbudi bijaksana,
    pinter adil tur akuna katatamu,
    nanging Samaun ayeuna,
    diandeg teu menang mulih.

    Sabab kahoyongna raja,
    kudu baé dongkap jeung Bunyamin,
    ayeuna teu menang gandum,
    mueli teu diladangan,
    meunang ogé lain meuli ieu gandum,
    jadi tanda kagegelan,
    ka ibu sareng ka nabi.