Sang nabi Yakub ngandika,
lamun Samaun téh di Mesir,
ku maranéhna dikantun,
minagka gagadéan,
Radén Rubil sumuhun panginten kitu,
kalékéd sang Yakub téa,
rék maparinkeun Bunyamin.
Lila-lila mah marinan,
Nabi Yakub lanang kaki Bunyamin,
gancangna nu mangun catur,
kocapkeun putra-putra,
malik deui ti Kanaan pahibut,
nabi Yakub ngintun salam,
sembah ka Raja di Mesir.
Lampahna Rubil geus datang,
marek sanga aji,
geus katingali ku Yusuf,
Ki Rubil cedok nyembah,
pun bapa ngintun salam ka sang ratu,
sarta harur salam sembah,
nyanggakeun ieu pun adi.
Nu dipundut ku gamparan,
nu katelah namina pun Bunyamin,
mesém leleb ratu Yusuf,
ngajawab salam rama,
manah // na mah sakalangkung kalang kabut,90
nyaur téh geuning Yahoda,