Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
156
 

    teu burung datang Bunyamin.

    Hayu urang ka arimah,
    lajeng ratu ka tamu nyandak ka bumi,
    di unggul ku payung agung,
    Bunyamin nu dicandak,
    sasahuran basa di Ibrani ku ratu,
    basana angkat dijalan,
    teu lila sumping kabumi.

    Nyandak tatamu Kanaan,
    barang sumping nyahurna ka Praméswari,
    nyai itu aya tamu,
    Juléha Ratna medal,
    bari nyaur engkang ti mana tatamu,
    Rubil sareng Ki Yahoda,
    kagét ningali Nyin Rail.

    Cék manéhna duh paingan,
    carogéna kasép tanpa tanding,
    pawarang na gé sakitu,
    nurup cupu pisan,
    Ratu Yusuf nimbalan sadaya sangu,
    ayeuna sina dalahar,
    karunya urang Ibrani.

    Yusuf ku anjeung ngurusna,
    ngawadahan sangu genep tibsi,
    jeung warna daging dicampur,
    sami mah geus sumawona,
    dijajarkeun tibsi genep téh diatur,