Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
157
 

    satibsina kaduaan nyorangan,
    Ki Bunyamin.

    Ratu Yusup ngadeukeutan,
    kumaha ieu Ki Bunyamin,
    sorangan teu boga batur,
    watir temen karunya,
    pang bucina dahar sorangan ngajentul,
    kajieun atuh ku kaula,
    direujeungan Ki Bunyamin.

    Sang raja ratu Bismillah,
    dalahar tamu urang Ibrani,
    tuluy dalahar tumungkul,
    isin sadayana,
    reujeujeung nyaur ku Juléha kadangu,
    naros basa mana,
    éta engkang lain basa Mesir. //

    Yusuf mésem pok ngandika, 91
    aya ieu basa Ibrani,
    reujeung tuang semu cikruh,
    siga nu numat pisan,
    tuang wungkul tapi tungtung soca wungkul,
    ningali baé raina,
    nya ieu Bunyamin.

    Dina manahna teu pegat,
    ka gusti nu maha suci,
    pangandika ratu Yusup,
    éh Ki Rubil ayeuna ulah waka balik,