Ieu kaca geus divalidasi
158
hadé poé isuk,
sembahna sadaya-daya,
sumeja kumureb abdi.
kocap langiah geus kapatihna,
Ratu Yusuf miwarang ngatur katil,
dangdan lima tempat tidur,
sadaya ditimbalan,
dua jalma kulemn dina tempat tidur,
sang raja mésem ngandika,
kumaha ieu Bunyamin.
Jeung saha duaanana,
pasaréaan lima taya deui,
tiap urang mah diditu,
Bunyamin mah jeung kaula Ki Bunyamin,
mugen isineun ku ratu,
saurana Bunyamin hiap,
nyorocod Radén Bunyamin.
Rék baha sieun ku raja,
rék nurut isin kaliwat saking,
gancangna Bunyamin nurut,
kulem pada duaan,
pok mariksa ka Bunyamin ratu Yusuf,
naha rau ka akang,
duaan saré sakatil.
Ari Bunyamin-Bunyamin sorangan,
ti baheula teu boga dulur deui,
Bunyamin anu saindung,